Kamis, Februari 04, 2010

Nyiar Duit

Zaman kiwari mah neangan duit teh hese kacida. Komo deui ayeuna mah harga-harga kabutuhan sapopoe ge geus mahal tur mahiwal. Putat-petot aprak-aprakan sapoe jeput nyiar napkah, hasilna mah sakali beak sapoe ge. Kabeh jalma geus lieur ku duit. Lieur ngalana, bingung pareng rek dibalanjakeunna, basa kerenna mah dilema. Kateuing ari jalma beunghar jiga artis atawa pajabat nu loba duit mah, meureun ngaluarkeun duit teh asa ngaluarkeun hitut.
Isuk-isuk keneh kuring rek mangkat ka Cileunyi, dititah ku babaturan kuli ngarombak imah Haji Junedi. Karasa hoream uncag-incig teh dalah ongkos angkot ge ayeuna mah pikasieuneun. Tisaprak harga BBM naek, ongkos angkot milu naek. Kahayang mah leumpang, tapi era ku tukang batagor. Kapaksa we nyokel celengan si Teteh. Mun pareng nempo kuring nyokelan celengan teh, pamajikan mah sok gogodeg bari nyeungseurikeun.
Geus jarang ayeuna mah nu numpak angkot teh. Lolobanamah ngabelaan pasedek-sedek naek beus DAMRI, cenah ongkosna kaitung murah. Nyaan pisan ongkos DAMRI leuwih murah pisan batan angkot. Ti Tanjungsari ka Kebon Kalapa ge ukur mayar 4000. Mun angkot mah 4000 teh ukur nepi ka Cileunyi. Loba jalma nu rek ka Jatinangor atawa ka Cileunyi, malahan milih naek DAMRI, mayar sarebu ge ditarima cenah.
Tapi poe ieu kuring milih naek angkot. Sirah keur jangar kieu mah teu sudi teuing pasedek-sedek nangtung dina DAMRI, kuring mah sok kapiuhan.
“Tiiseun kieu Kang, angkot teh?” cekeng teh ka supir
“Ah, kieu we upami enjing-enjing dugi ka siang mah, Kang, tiiseun. Leuheung siang mah aya bubaran barudak sakola, janten teu ngahelas teuing.”
“Tuh, tingali Kang, DAMRI mah marema nya.”
“Muhun, beus badag nurustunjung, ngarebut panumpang. Rek ka Cileunyi nu deukeut ge diangkut si bangkawarah teh.” Ceuk supir bari nyiduh kaluar. Kuring ukur seuri ngadanguna. Singhoreng ayeuna mah DAMRI jeung angkot teh keur mumusuhan.
Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu bolokot heula jeung kesang, malahan geutih. Sirah jadi hulu, hulu jadi sirah. Najan hasil nu katarima teu sapira, tapi hatur lumayan keur kabutuhan sapopoe mah. Kitu we, basana mah gali lobang tutup lobang. Tapi kuring mah bagja boga pamajikan daek sabar diajak sangsara ge. Atuh nahas mun urang boga pamajikan teu sabaran, sing pareng dibere beunghar ge, bakal riweuh jauh ti kabagjaan. Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu daek papanasan kawas kieu. Tapi teu karasa gawe di imah Haji Junedi teh geus tereh beres deui. Atuh da digeder ti isuk, komo dibantuan ku nu lian mah, pagawean teh gancang beres. Haji Junedi atoh nempo hasil gawe kuring jeung nu sejenna. Karasa, jalma beunghar kawas Haji Junedi mah teu koret ka jalma kuli jiga kuring teh. Manehna nyuguhan, ngajak dahar bareng, tuluy teu asa-asa mere buruh. Kuring moal cangcaya, manehna pasti abus surga. Ti kajauhan kadangu sora adan asar. Kuring geuwat milu mandi di imah Haji Junedi. Awak karasa genah dipake solat ge. Nuhun, Gusti…
—oOo—
Najan geus asup sore, tapi hawa masih keneh karasa bayeungyang. Angkot ka sorenakeun mah katempo marema, komo deui beus DAMRI nepika dengdek-dengdek wae bakating ku pinuh. Sore mah geus loba nu mulang gawe.
Di jero angkot, awak karasa mingkin hareudang, lantaran panumpang ngabelaan nangkel di lawang panto ngahalangan angin. Di jero bujur geus silih geol, karasa panas. Najan kasiksa ku hareudang, tapi teu ambek da kuring di jero ngabaur jeung panumpang awewe, teu jangar teuing. Sok atoh mun aya nu turun, bujur bisa usik lega. Komo ayeuna mah nu narangkel teh geus tarurun palebah Cikuda ge. Hiji dua panumpang mulai turun. Di pengkolan Ciromed, turun pamuda jabrig. Sor ngasongkeun duit, teuing sabaraha.
“Timana, Jang?”
“Ti Jatinangor.”
“Kurang lima ratus.”
“Ah, biasana ge mayar sakitu.”
“Beda ayeuna mah, bengsinna ge geus mahal.”
“Sayah mah mahasiswa, mayarna murah!”
“Rek mahasiswa, rek presiden ge mayar mah sarua!”
“Na ari maneh sok maksa!” ceuk si pamuda bari nakol kaca spion mobil.
“Gelo siah, mahasiwa sangsara! Kalahka rek ngarusak mobil. Gelut siah jeung aing!”
“Sok kadieu turun wani mah, pehul!”
Supir turun, si mahasiswa kekerot. Silih haok, silih suntrung. Antukna mah silih cabok, buk-bek silih teunggeul di sisi jalan. Kabeh panumpang awewe di jero angkot jejeritan. Awewe mah sok riweuh, nonton gelut jeung nonton mengbal teh sarua wae, jejeritan teu puguh. Nyaan awewe mah, jiga nu gelut teh kabogohna wae.
Nempo dua jalma masih buk-bek gelut teh, kuring geuwat turun, niat rek misah. Orokaya nu gelut geus teu bisa dipisah. Crot geutih kaluar tina irung supir. Cer irung si mahasiwa ge sarua ngucur geutih. Pokona mah cur-cor pikasieuneun. Untung pisan ti kajauhan katempo loba jalma lalumpatan milu rek misah. Nu duaan teh pada nyarekelan, pada misah.
“Sok wani mah siah tuluykeun, sirah bihun!”
“Sok siah gelo, haramjadol Beuteung kardus!”
Duh, Gusti, pira oge duit lima ratus, nepika pasea kitu…
—oOo—
Imah kontrakkan kuring karasa tiiseun. Kuring keketeyepan abus ka jero. Lalaunan kuring ngelol ka kamar pamajikan. Katempo manehna keur anteng maca majalah. Kuring ngadehem, tuluy nanya.
“Nuju naon, Teh?” nu ditanya teu ngalieuk. Kuring ngadehem deui, tapi pamajikan jiga nu embung ngalieuk. Teu sasarina kitu. Lalaunan kuring nyampeurkeun manehna. Katempo manehna baeud. Kuring hemeng nempona.
“Teteh kunaon baeud?” cekeng teh semu ngaheureuyan. Nu ditanya kalahka malik nonggongan.
“Raray Teteh janten awon pami nuju baeud mah nya…” kuring ngaheureuyan deui. Nu diheureuyan kalahka malik molotot. Duh, Gusti, panonna meni endah.
“Aa tadi nyandak artos sabaraha tina cengclengan?” pamajikan nanya semu ambek.
“Salapan rebu, naon kitu?”
“Tadi Teteh uih ti bumi Bi Nuni, naek ojeg kirang artosna, kirang sarebu, jadi isin. Sugan teh ongkos teu acan naek. Bade nyokel cengclengan artosna tos ku Aa seep.” Ceuk pamajikan bari baeud. Kuring teu kuat nahan seuri ngadanguna.
“Ih, Teteh, da artos mah teu dicandak sadayana. Aya disesakeun.”
“Disesakeun naon, dina cengclengan mung aya 200 perak.” Tembal pamajikan bari malik nonggongan. Kuring seuri ngabarakatak.
“Oh, saminggu nyengclengan geuning ngan aya salapan rebu dua ratus! Sugan teh sajuta nya, Teh.” Ceuk kuring bari seuri akey-akeyan. Pamajikan katempona baeud keneh, bari ngegelan biwirna nu semu beureum.
“Nya atos atuh, iraha-iraha dilebetan deui ku Aa…” cekeng teh. Kuring ngahaja heheotan, pamajikan beuki kesel ka kuring.
“Duh, hanjakal Teteh nuju baeud, nuju bendu, tadina mah bade diajak ngabaso di Mang Endun.” Ceuk kuring bari api-api rek ngaleos. Kareret pamajikan malik curinghak, tuluy nyampeurkeun kuring.
“Aa tadi janten damel di bumi Pa Haji? Langsung dipasihan artos? Sabaraha?” pamajikan merekpek nanya. Kuring teu ngajawab, kalahka ngahaja heheotan.
“Aa bade langsung ka Mang Endun, atanapi bade bobo heula?” pamajikan nanya bari semu ngagoda. Leungeunna nangkeup cangkeng.
“Bade bobo heula ah…” cekeng teh.
“Hayu atuh!”
Kuring jeung pamajikan muru kasur, goledag bareng gogoleran. Tuluy kuring sare nonggongan pamajikan, api-api kerek.
“Geuning Aa mah kalahka bade bobo kitu.”
“Ih, tadi kan Teteh ngajak bobo heula…”
“Sanes bobo kitu atuh…”
“Har, bobo kumaha deui atuh?”
Nu ditanya kalahka imut eraeun. Tuluy pamajikan nangkeup bari ngome kancing baju kuring, semu nu ogo.
“Tapi artosna mung saalit, Teh…”
“Wios…” tembal pamajikan ogo bari imut ngagelenyu.
Ah, najan ukur hasil duit saeutik, tapi karasa bagja mun pamajikan beunghar ku imut, bageur, sabar, ogo… Karasa bagja, Gusti…

HAKIM

Mugi agung cukup lumur
Muga jembar haaaampurana
Ulah getas harupateun
Ulah nampik memeh mikir,
narima memeh dimanah.
Mangka sing leuleus jeujeurna,
mangka landung aisanana,
pan manusa tara sampurnaa
pan manusa aya cedana,
anu hade
anu goreng
kabeh kaulakeun, kabeh!
da kabeh kaula gusti.
Ahung ka Sang Rarawana.
Ahung ka Sang Rarawani.
Rarawana pangyuga beurang.
Rarawani huriping peuting.
Hampura mun kaluhuran
da kaula seja medar carita,
carita jaman iraha
carita di mana boa,
carita saukur catur
catur mung bukur ngalamun
ngalamun ngapungkeun kalbu
ngoreh pabetekan dongeng
sugan we aya buahna.
Alaeun urang sadaya.
Ahung …!
Ahung …!
Mugi agung cukup lumur
Muga jembar hampurana
Ulah getas harupateun
Ulah nampik memeh mikir,
narima memeh dimanah.
Mangka sing leuleus jeujeurna,
mangka landung aisanana,
pan manusa tara sampurna
pan manusa aya cedana,
anu hade
anu goreng
kabeh kaulakeun, kabeh!
da kabeh kaula gusti.
Ahung ka Sang Rarawana.
Ahung ka Sang Rarawani.
Rarawana pangyuga beurang.
Rarawani huriping peuting.
Hampura mun kaluhuran
da kaula seja medar carita,
carita jaman iraha
carita di mana boa,
carita saukur catur
catur mung bukur ngalamun
ngalamun ngapungkeun kalbu
ngoreh pabetekan dongeng
sugan we aya buahna.
Alaeun urang sadaya
Ahung …!
Ahung …!
Kocap sabada rajah bubuka! Dina kidung Juru Pantun, aya galur beh ditueun Cipanglamun nunjang ngidul. Di nagara mana boa.Teuing di mana pernahna eta nagara. Ngan nu pasti di alas bandawasa tempatna. Di nagara sabangsaning sasatoan. Palias lain di nagri manusa. Paralun kula nun, paralun …!
Kapicatur di muara Cipanglamun, di basisir sagara Panyawangan. Handapeun tangkal kalapa nu hejo daunna, nu coklat tangkalna, nu akar-akarna ngarambat lemah; sakadang begog ugal-igel lir nu atoh, sura-seuri suka ati, susurakan lir nu bungah taya padana. Lulumpatan, ber ka kaler, bieur ka kidul, berengbeng ka wetan, deregdeg ka kulon. Ari balik ka urutna kasampak aya bapana sang kunyuk rawun.
“Hey Igog, na ku nanahaon ari sia, lulumpatan nyiksa awak …!” tumanya sang kunyuk rawun ka anakna.
“Aneh, sinarieun Bapa tumanya, kapan biasana ka Igog tara malire. Kapan biasana Bapa mah acuh beibeh … ” Si Igog ngerungkeun tarang bedangna.
“Eta tuda sia pikamelangeun. Lulumpatan lir nu weureu, ngahariwangkeun. Naha sia teh eling tawa heunteu?!”
“Weu, ari Bapa sok cegekan. Yeuh Pa. Igog mah kitu peta teh bakating ku atoh, manggih milik, meunang banda…”
“Na boga naon atuh sia teh?!”
“Sakumaha Bapa tos uninga, tos sababaraha usum hujan turun terus-terusan, tos sababaraha usum panon poe mentrang-mentring saban poe, kalapa-kalapa di nagara urang taya buahan…”
“Heeh Bapa ge nyaho, tapi na kunaon ari sia lulumpatan?
“Dangukeun heula tong waka nyempad …. Tah sabab kitu geus sabaraha usum Igog ngarasa hayang ngadahar buah kalapa. Mun peuting sok kaimpikeun rasana nu amis tur girinyih, mun beurang sok kacipta rupana nu bodas cokelat. Ah, pokona kahayang Igog kana eta buah geus lain caritakeuneun deui. Na . . . atuh, dasar milik. Ari bieu Igog panggih jeung Ki Buya, sakadang buaya nu gawena kokojayan neuleuman leuwi, inyana nawaran kalapa, cenah panggih kabawa palid ti tonggoh walungan Cipanglamun. Sabab Ki Buya mah teu beuki buah kalapa, nya ku manehna dibikeun ka Igog, asal bisa mesekna, cenah . . .”
“Duh, bagja temen maneh Igog. Memang sakabeh bangsa urang, bangsa kukunyukan waktu ieu geus kacida sonona kana rasa buah kalapa. Kabeh geus lawas teu ningali rupa-rupana acan eta buah di nagara urang.”
“Matak pantes mun Igog rek gumbira taya padana . . .”
“Tapi hanjakal …..”
“Hanjakal …?”
“Enya hanjakal. Pan ceuk Ki Buya ge dibikeun soteh mun Igog bisa mesekna.”
“Na ari Bapa teu percaya kitu? Tingali huntu Igog sakieu ranggetengna…”
“Memang huntu Igog bakal leuwih kuat manan huntu Bapa nu sawareh geus arompong, bisa jadi Igog leuwih mampuh ngajujutan tapasna manan Bapa. Tapi Bapa yakin tanaga Igog can cukup pikeun ngabantingkeun eta kalapa, pikeun meupeuskeun batokna ……”
“Memang mun dibantingkeun kitu wae mah. Tapi Igog boga akal … Kalapa nu geus bulistir taya tapasan ku Igog baris dibawa naek kana tangkal nu pangluhurna, laju dibeubeutkeun kana batu, moal teu bencar … !”
“Hahaha… memang hebat akal anjeun. Tapi anjeun can diwarah migawe sarupa kitu. Palangsiang anjeun nu tibeubeut ninggang batu ….”
“Jadi maksud Bapa . . . ?!
“Anjeun moal bisa mesekna . . . !” Sang kunyuk ngahoak bedas.
“Kajeun! Bapa teu perlu pipilueun. Da biasana ge Bapa mah tara milu mikiran kana sagala perkara nu ku Igog keur disanghareupan. Biasana ge Bapa mah namplokkeun sagala-galana keur urusan-urusan dines. Bapa leuwih resep ngusapan indung suku dunungan mananan maluruh ka mana Igog indit unggal peuting …”
“Jempe …!!!” Sora sang kunyuk rawun handaruan. Beungeutna geuneuk, sungutna ngabudah, “He begog bolon, anjeun culangung, kumawani nyarita kitu. Saha nu nangtung hareupeun anjeun teh, saha . . ?”
“Hm … Jenderal Kirdun, inohong Nagara Manaboa nu ayeuna rek ngarampas banda anakna . . . ” Si Igog teu ieuh geumpeur.
“Begog tolol! Palangsiang bener sangkaan aing salila ieu teh kaya kieu mah.”
“Na nyangka naon kitu Bapa ka uing teh … ?”
“Geus ti beh ditu keneh aing nyangka sia katerap panykit edan.”
“Gelo … ? Ti iraha … ?! “
“Saprak sia malawidang. Saprak sia teu resep cicing di imah, nganggap kuno jeung teu resep kana televisi tawa mobil. Saprak sia merekedeweng, dititah hirup rapih kalah botrok, dititah ngajaga kasehatan kalah begadang sapeupeuting, taranyang bari ngelepus udud lir lokomotip. Diwawadian kana sopan-santun kalah meta kurang ajar…”
“Hahaha . . . memang nyangka edan ka batur mangrupa pagawean nu kacida gampangna, gampang … gampang pisan! Tapi ngukur kujur sorangan, kacida hesena.” Igog seuri rangu naker, “Yeuh Pa, mun Bapa nganggap edan ka Igog, Igog ge geus ti beh ditu nyangka Bapa katerap panyakit kolot, linglung. Geus lawas Igog nyangka Bapa katerap linglung, saprak Bapa guyang dina kapalsuan. Saprak sakabeh kalakuan Bapa ngan sakadar sandiwara, imitasi! Bapa teu weleh ngawawadian supaya Igog ulah bobogohan, tapi Bapa teu weleh susulumputan miara gundik. Bapa sok rumahuh jeung kutuk gendeng pajarkeun Igog tukang ngajajahat harta, tapi Bapa sorangan kacida jamuraulna. Bapa teu weleh mapatahan Igog supaya hirup pinuh ku rasa tangung jawab bari daek ngabandungan kabutuh batur, tapi Bapa sorangan korup jeung sok sangeunahna ngaheureuykeun banda nagara … “
“Jep! Doraka anjeun Igog, ngomong sangeunahna ka nu jadi bapa. Na anjeun teu nyaho yen kitu peta teh dosa, dila’nat ku Pangeran?!”
“Hahaha … memang Bapa pinter. Jenderal Kirdun memang pinter pasang kedok. Tapi haeupeun Si Igog teu perlu. Hamo payu! Igog geus nyaho diri Bapa ka jero-jerona, munafek! Teu perlu nyebut-nyebut ngaran Pangeran. Ti baheula Bapa nitah Igog indit ngaji ka tajug-tajug, ti baheula Bapa nitah Igog sakola di madrasah-madrasah … tapi Bapa sorangan tara salat-salat acan…”
“Kurang ajar . . . !!” Jenderal Kirdun ngahoak peura. panonna beureum burial-buncelik. Budah dina sungutna mingkin ceuyah. Amarahna maksa hayangeun beudah. Kukuna sayaga pikeun nyekek beuheung anakna.
Namun orokaya, dina kaayaan nu sakitu gentingna ujug-ujug ribut sora sing sarwa sasatoan. Teuing ti iraha mimitina mangyutalaksa sasatoan geus ngariung di eta tempat, kabeh lalajo nu keur pagentreng. Rupa-rupa sasatoan, ti nu pangluhurna pangkat, tepi ka rayat kuricakanana, aya. Kumpul di dinya!
“He Jenderal Kirdun nanaonan sia rek nandasa anak…?!” Sora sakadang lodaya handaruan.
“Ampun Maharaja….” Cedok nyembah Jenderal Kirdun ka lodaya Maharaja di Nagara Manaboa. Derekdek inyana cumarita, medar kajadian antara dirina jeung anakna. Tangtu we caritana dirautan malar nguntungkeun dirina.
“Bener kitu, Igog?!” Soanten Raja dangiangan.
“Ampun jungjunan . . . aya leresna, aya lepatna…” Derekdek deui Si Igog medar carita, lalakon nu cik keneh kajadian. Sarua we dirautan ngarah nguntungkeun dirina.
“Teu puguh atuh kitu mah, itu-ieu nyieun carita bari bebela . . . ” Sang Raja nepak dampal leungeunna, “Tapi tenang, sagalana gampang diatur. Nagara urang nagara hukum, cicing kabeh ulah nyieun lampah nu inkonstitusional. leu perkara kudu dibalewatangankeun, di dinya nu salah bakal katara salahna, nu bener baris kaciri benerna. Mun bener Jenderal Kirdun sawenang-wenang ka anakna inyana tangtu meunang hukuman. Nya kitu deui Si Igog, mun bukti manehna milampah subversi, tuh tentara serigala geus sayaga pikeun ngabangkol dirina…” Sang Raja lajag-lejeg nulak cangkeng.
Sato jenuk ribut, pating kecewis.
“Kumaha tah, Jenderal Kirdun, Igog . . . sadia arandika dijagragkeun ka panengah perkara?!” Tanya Sang Raja.
“Sadaya-daya . . . ” Jenderal Kirdun jeung anakna rampak sabda.
“Alus . . . Ayeuna ieu perkara ku kula diserenkeun ka Hakim Nagara, Mister in de Rechten Incang Surincang.” Sakadang Lodaya nunjuk sakadang peucang nu sukuna pincang.
Lodaya mundur, Sakadang peucang ka hareup ingkud-ingkudan. Palu kabuyutan dina leungeuna estu leubeut ku sima.
“Hadirin. Hamo panjang papariksa, da geuning tadi ge nu dipariksa teu weleh nerangkeun ku carita nu dicampuran bebela.” Hakim Incang muka sabda.
Hadirin jempling taya nyora.
“Pokona salaku hakim, sim kuring rek nyieun katandesan ngeunaan saha-sahana nu boga hak mibanda ieu buah kalapa.” Hakim Incang nunjuk kalapa nu ngagoler hareupeunana, “Pangadilan ieu mah istimewa, teu perlu jaksa, teu perlu pembela. Da bongan tungtutan nu disusun mangpirang-pirang ayat jeung yuntoh-yuntoh sakapeung sok matak mabok, atuh eksepsi sakapeung sok matak pusing… Asa mending tong aya yurisprudensi-yurisprudensian…”Hakim Incang rarat-reret.
Hadirin pating harewos.
“Ayeuna sim kuring rek usaha nyieun kaputusan nu saadil-adilna,- Hartina ngeunah ka dua fihakanana. Boh ka Igog, boh ka bapana.” Hakim Incang dedeheman, “Ayeuna kula rek tumanya ka nu baroga perkara . . . “. Inyana malik ka sakadang begog, terus nompokeun sungutna kana ceuli Ujang Igog.
“Gog, ari maneh hayang meunangkeun perkara ieu, teu?!” Sakadang peucang ngaharewos laun pisan.
“Kantenan . . . ” Si Igog haripeut naker.
“Pulus…. eh, pucuk… pucuk Sakadang peucang namprakeun dampal leungeuna menta pupucukan kabeukina. Ngarah lesang tikoro dina cumaritana, cenah … !
Teu talangke, terekel Si Igog naek metikan pupucukan. Bro hareupeun sakadang peucang.
Hadirin pating kecewis.
Jenderal Kirdun kurawed baeud.
Hakim Incang sura-seuri, terus malik ka nu boga perkara saurang deui. Sungutna nompo ka ceuli sakadang kunyuk.
“Pa Kirdun, tangtos Bapa palay ngengingkeun ieu perkara….” Ngaharewos deui bae.
“Kantenan . . .” Haripeut, seuri koneng.
“Pulus . . . Eh, pucuk . . . pucuk….” Nampak deui wae dampal leungeunna teh.
Teu talangke, terekel sang kunyuk naek, metikan pupucukan kasedep Juragan Hakim. Bro payuneun Sang Mister in de Rechten.
Hadirin saheng pating kecewis.
Hakim Incang nakolkeun paluna.
Jep!
Ngabandungan carita nu baroga perkara, cenah arinyana boga kasanggupan masing-masing pikeun mesek eta buah kalapa . . . ” Sang Hakim nunjuk kalapa nu jadi bahan pacengkadan, “Sok ayeuna urang buktikeun…” Hakim Incang ngareret Jenderal Kirdun jeung anakna.
Jenderal Kirdun ngangkat dada. Igog dangah teuneung naker.
“Sok lgog, geura, beset tapas eta kalapa sing tepi ka bulistir, kudu tepi ka katara batokna…” Sang peucang marentah, sorana ngonerang.
Igog saged. Kerewek kana kalapa nu ngagoler, tapasna dijujutan.
Sat.
Sit.
Set.
Ngan sakedap tapas kalapa geus mayak. Batok kalapa geus katara kabehanana. Bunder.
“Nyanggakeun . . .” Si Igog diuk deui dina urutna.
“Alus…”Hakim Incang unggut-unggutan, “Ayeuna Pa Kirdun kagiliran meupeuskeun batokna.” Juragan Hakim ngareret ka Jenderal Kirdun. Ngan sakilat Jenderal Kirdun geus ngangkat buah kalapa ku leungeun kencana:
Keleweng
habek
beletak
Kalapa bencar, laju dikumpulkeun ku Jenderal Kirdun.
“Nyanggakeun . . . ” Jenderal Kirdun balik deui kana tempatna.
“Hebat … !” Hakim Incang ngangkat gadona, “Saluyu jeung hasil gawe nu baroga perkara, ieu kalapa teh ku kula baris diumumkeun ka arinyana, mun nyesa leuwihna minangka ongkos perkara…” Hakirn Incang nyarita anca. Paluna dipake nakolan batok, daging kalapa pating bolonyon.
Hadirin jempe.
Jenderal Kirdun jeung anakna nahan ambekan.
Mangrewu ceuli dipasang rancung.
“Saluyu jeung hasil gawena… Si Igog kabagean tapasna, lumayan keur nyieun tambang paranti manehna ulin gugulayunan. Atuh Jenderal Kirdun tangtu we kabagean batokna, ieu ge lumayan keur nyungging suling kameumeutna …”
“Dagingna . . . ?!” Jendral Kirdun jeung anakna rampak sabada megat carita.
Hadirin saheng sajongjongan. Terus jempe, kabeh nahan ambekan.
“Dagingna … kapan keur kula, ongkos perkara . . . ” Kalayan tandes sang peucang nempas pananya, “Ieu putusan teu bisa diganggu gugat, kajaba mun naek banding bari mayar ku pupucukan sakolanding … !” Sakadang peucang nakolkeun palu satarikna.
Hadirin ribut, surak patarik-tarik.
Igog jamotrot. Jendral Kirdun jamedud.
Sakadang Lodaya ngan ukur heuay.
Sakadang peucang pak-pik-pek meresan hasil gawena. Ngahaleuang tetembangan.
(tamat)

Rabu, Februari 03, 2010

TUNGGUL RAHAYU


Sajrutna ti Saung huma, hate keukeuh ngemu kahemeng. Ulat pamulu Bah Kandi anu robah ngadadak jadi terus kapikiran. Baheula kungsi nyatru tina banget ku teu doa lamun
tea mah Anjeuna pareng boga minantu samodel kuring. Papacangan jeung Tini anu eukeur sumedeng geugeut-geugeutna, dipaksa dipegatkeun saharita. Kungsi kagegeringan, angot basa ngadenge Tini dikawinkeun mah. Rada leler meueusan sabada osok milu dagang ngampar, masar tipeuting di Ciroyom jeung jenatna anu jadi Bapa. Nungguan tilu tampir mimitina mah. Aya Bawang beureum, Kacang beureum, Cengek, Cabe kalan-kalan sasamaraan naon wae kumaha parengna aya barang kiriman. Ti dinya eungkeut-eungkeut mimiti wani nyalo meulian operkeuneun, ecerkeuneun ka anu sejen. Sanggeus kaerong pimodaleun cukup. Henteu nyalo deui, tapi ngider neangan tebaseun Empet, Sosin, Bayem, Bawang daun kadangkala ngabajong Dukuh, Peuteuy tangkalan, iangkeuneun ka Pasar Andir, Caringin, Ciroyom atawa ka Antri Cimahi. Sawaktu-waktu osok oge ngeusian ka Cibitung Bekasi, pundah-pindah neangan lolongkrang punjulna harega. Ti harita hirup mimiti aya menyatna. Bisa neundeun miraweuy, aya tempokeuneunana batur. Make kabedag meuli imah, nyengsarkeun meuli kebon jeung mobil Colt paragi narik sayuran. Bari nekeh leumpang ka pasirkeun, uteuk mah tetep masih dilimpudan ku pikiran ngeunaan tingkah paripolah Bah Kandi cikeneh, tina ulat pamulu, rengkak paripolah anu robah 180 darajat jauh mela-melu jeung katukang-tukang. Sonder uah-aeh ngaku ngajak ngobrol panjang lebar sagala. Tina obrolanna oge gorehel kapeletik, simanahoreng rumah tanggana Tini teh henteu kungsi lila, teuing naon anu jadi pasalna, asa teu hayang nyaho make jeung tetelepek tatanya ngeunaan eta hal Jeungna deui basa tadi ngobrol oge kuring mah asa loba ngabetemna, Bah Kandi we anu cuih mah, sagala diomongkeun.

“Heuy !………kamana yeuh ? Katonggoh !” Lamunan ngeunaan Tini jeung Bah Kandi buyar sapada harita. Kabangbalerkeun ku anu ngagorowok, teu katangen jelemana mah. Tapi kana sorana mah hamo bireuk deui, kapirengna mah Mang Omat, biasana keur tunggon huma wayah kieu mah. “Enya Mang ka tonggoh, puguh nempo peuteuy alaeun !” “Nyimpang heula atuh ! da mekel ari cai-cai wae mah”. “Moal Mang rusuh ! Engke deui we mun pareng”. “Nya jug atuh ari rusuh mah! satadina hayang we ngobrol, geus lila teu ngabako jeung Ujang “ Dina ngakuna Mang Omat pasti jeung enyana, lain tawar gatra tamba bau sungut! Ngan sok asa kapiring leutik ari rek nyimpang heula teh. Geus jadi sabiwir hiji di lembur mah majarkeun teh, Nyi Isah anakna Mang Omat hahadean jeung kuring, padahal mah ngan saukur omongan batur wungkul, sapedah meureun kuring anu lelengohan keneh mindeng katempo ubral-obrol jeung Mang Omat anu boga anak parawan meujeuhna kawinkeuneun. Saanjogna ka anu dituju, teu diengkekeun deui kuring ngulincer tatanggahan nengetan tangkal peuteuy akuan. Hate reugreug, tangkal peuteuy weuteuh teu aya anu ngagunasika. Seuh-seuhanana mah katungguan beurang jeung peuting ku anu boga kebon anu kabeneran keur tunggon pare huma. Wanci reup-reupan kuring pamitan, teu poho ngeupeulan duit ka anu boga kebon, dadakuna mah keur meuli gula kopi. Kacoceng sakitu mah wajar, dadakuna gede hate. Kaerong ladang peuteuy anu nampeu ka jalan jajahan oge jigana geus bisa ngagantian duit pameulian. Encan tilu tangkal anu ngajajar beulah kulon, mulung bati mah tidinya we!

Sieun kaburitan di jalan, teu sumpang-simpang balikna mah. Pairing-iring jeung anu ngarekot ngabengkot pucuk sampeu, daun gedang jeung kanikir, iangkeuneun ka Pasar Antri. Baheula mah kungsi kuring oge mulung muntah meulian pucuk gedang, sampeu jeung kanikir teh. Megatan anu nanggung ti Boregah jeung Pakuhaji, kadieunakeun mah haroream. Barangna riba, nyahunyud gagarubang, ari batina henteu sabaraha. Teu karasa cape balikna mah, kawantu mudun. Tambah-tambah kaselang ku ngobrol jeung anu ngarekot nanggung, puguh warawuh. Maranehna teh urang Pasir Kiara anu boga kebon di Boregah. Papisah jeung anu nanggung di Cidahu, kuring mah ngiciprit ngidul, nyampeur bawang daun jeung tomat. Iangkeuneun engke subuh !
**********************


Tilu poe satutasna ngaroris tangkal peuteuy di Boregah. Harita carangcang tihang, dagangan bawa ti lembur amrin henteu nyesa saeutik-eutik acan. Mokaha peuting eta mah bati teh rada mucekil, sasat kabeneran boga peuteuy anu buahanna nyalah mangsa, encan katimpahan ku peuteuy ti daerah sejen. Beres kukud, balitungan heula ka anu boga warung. Urut dahar sakali reujeung urut ngopi, ngaroko. Harita keneh langsung balik. Ti Pasar Antri naek angkot jurusan ka Pasar Luhurkeun, lebah parapatan Citeureup turun. Ti dinya angkeuhan teh rak badarat bae, susuganan meunang tebaseun, nambahan sosin sakotak alaeun, anu ijiran mah paling bijil tujuh koli, neangan deui tambahna supaya jejeg jadi samobileun. “Moaaaaaaaaaal…. mincuk ? Aya sayur tahu kalandep Ema!” Ceu Rukmanah sorana kadenge mani ngengkreng peuntaseun jalan. “Moaaal, Isuk deui we Ceu ! Jawab kuring teu eleh ngengkreng. Puraga bae nembal teh. Lain teu inget ka nu jadi indung! Biasana oge matuh, balik masar teh nyimpang heula ka warung Ceu Rukmanah. Ti saprak kaserang struk dua taun ka tukang, jadi tik-tik brek Ema teh. Aya oge anu osok purah bunta-bantu di imah geus opat poe teu ngelol-ngelol deui, pundung ! Majarkeun teh teu kuat di cerewedan wae ku anu jadi indung. Tara kaprak-keprek masak ti harita oge Ema mah, dicarek! Melang, sangu jeung deungeuna mah sok ngeteng we ti warung, unggal balik masar! Isuk ieu mah meunang bati teh rada mucukul, meuli asakan teh ti Pasar Antri bae, rada onjoy ngahajakeun mincuk gepuk, dipihapekeun tadi subuh ka supir anu narik sayuran. Lebah legok Dase, leumpang teh kandeg heula. Dadakuna naksir sosin bajongeun. Meujeuhna alaeun, bogana Mang Sama. Hargana mah geus paheut. Hanjakal jeung anu bogana henteu jonghok. Rada hareneg oge! Semet talatah wae ka anu aya didinya, pangmupulihkeun engke sore rek diala. Nepi ka imah kira-kira wanci haneut moyan. Angkanan moal waka sare, sakalian mandi rek ngeprek nyeuseuh heula. Inget bae kana seuseuhan, kalacat ka tengah imah. Pangling asa raresik. Meja makan make jeung ditaplakan sagala rupa. Tadi oge basa di buruan, asa rada beda tetenjoan teh.
Kahemeng beuki ngalimpudan sirah. Nempo kamar geus aya anu meresan. Rarat-reret nyampeurkeun sarigsig jandela. Sidik dina gantar pamoean di gigireun imah, rantuy ku
popoean pakean kuring. Sajongjongan ngahuleng ngaraga meneng, naha saha ? anu beberes! Sareat anu jadi indung mah batan sakitu. Saprak geubis di pancuran, Anjeuna janten lumpuh sabeulah. Eungkeut-eungeut damang meueusan, sabada tatamba ka Pa Tansil, Mantri suntik urang Cisarua. Ngan tetep panangan kiwana mah teu acan tiasa diobahkeun. “Tunduh meureun nya, sarekeun angguran mah!” Kadenge soanten Ema ti patengahan. “Moal waka Ma! puguh aya anu bade ditaroskeun” Tembal teh bari nyampeurkeun ka anu nuju calik di tengah imah. “Heran meureun hidep teh nya! Nempo imah jadi raresik. Satadina ku Ema moal waka diobrolkeun ayeuna bisi hidep tunduh keneh, ngarasakeun bisi jadi kandeuw kana sirah, maksud teh engke we dimana hidep geus hudang sare, ku Ema rek dicaritakeun!” “Henteu Ma ! pitunduheunana oge jadi lus-les laleungitan” Alatan ngemu kahemeng, kawasna mah pitunduheun teh ngadak-ngadak sirna.
“Saencan Ema nyarita satarabasna, Ema peupeujeuh! Hidep ulah salah harti, anu engkena ngabalukarkeun jadi bangbaluh. Ema sieun kasedih anu baheula kungsi tumiba ka diri hidep ayeuna kasuat-suat deui” “Enya….. sok atuh Ema, carioskeun tong asa-asa ! Jadi panasaran abdi mah”
“Nyi Tini anu beberes teh Ujang ! Samalah hidep oge kudu nyaho tadi peuting Bah Kandi katut bojona, kira-kira wanci Isa nganjang ka dieu. Apaleun Anjeuna teh geuning Ema keur gering” Ngadenge omongan Ema cikeneh, hate ngaranjug oge. Teu nyangka ku peta paripolah
Bah Kandi sakulawarga. “Nyarita naon wae Bah Kandi teh Ma” Banget ku panasaran kuring tumanya deui ka anu jadi indung. “Loba anu diomongkeunana mah, ngan ari intina mah Anjeuna teh miharep pisan lamun hahadeanana Hidep jeung Nyi Tini baheula, diteruskeun deui ayeuna” Sajongjonan mah Kuring ngabetem, mikiran Bah Kandi anu asa nongtorogan henteu boga kaera.

Nempo kuring ngahintul wae, pok anu jadi indung teh nyarita deui. “Peuting tadi oge Ema mah teu mere putusan nanaon! Kacindekanana mah sagala rupana aya di diri hidep. Ema kacida salahna lamun wani-wani mere harepan bari jeung henteu badami heula jeung anu jadi anak”
“Nya nuhun pisan atuh ari kitu mah !” “Satadina Ujang pikeun anu jadi indung mah. Saencan ninggalkeun alam karamean. Aya pamenta ti anu jadi anak teh, hayang we heula nyaksian Ujang kurenan! Hayang ngasaan hirup diriung ku anak incu. Rek neangan naon deui atuh hidep teh. Bekel keur rumah tangga mah asana geus leuwih ti cukup. Cing inget Sujang moal aya anu beunghar bubujangan”. Ngadenge cariosan Ema bieu, anu nyata loba benerna. Kuring ngan ukur bias ngaheruk, anu antukna dina hate tumuwuh rasa salah, asa dosa ka anu jadi Indung. Meujeuhna pikeun Ema, dina umur anu geus sakitu kakolotanana, nyaksian anak anu ngan hiji-hijina hirup ngarumah tangga, boga anak pamajikan. “Keueung lamun dibalakakeun sabenerna mah Ema teh Ujang! Lamun pareng ditinggalkeun ku hidep, Ema teh sok ceurik sorangan, mimindengna manghariwangkeun ka diri hidep lamun tea mah Ema geus tilar dunya. Wuri-wuri dipundut ku anu kagungan oge, asa lalugina lamun tea mah geus laksana nyakseni hidep aya anu ngawulaan, boga batur pakumaha lamun tea mah jaga Ema geus euweuh dikieuna. Cing sawang ku hidep nepi ka lebah dinya!”. Dina geter soantena, katara jiga ngemu kasedih anu pohara, anu salila ieu disidem ku anjeuna. Kuring kakara sadar, salila ieu geus tambelar ka anu jadi indung. Geuning kabutuh kolot teh, teu cukup ku dijamin dahar pakena wungkul, aya leuwihna ti eta. Bruh-breh dina sawangan, ngabayangkeun anu jadi indung cungelik sorangan dina kaayaan peuting jempling bari salira geus teu walagri sehat sabiasa deui. “Isukan ge ngomongna mah Nyi Tini teh rek kadieu deui cenah Ujang! teu dicarek ku Ema teh. Pangrasa Ema mah asa bungah we anu aya! Henteu cuang-cieung euweuh batur teuing. Eukeur mah teuing kumaha ti baheula oge Ema teh geus banget ku nyaah ka jinisna teh !”. Ngadenge cariosaan Ema cikeneh, hate anu tadina teuas alabatan batu, ngadakngadak jadi leyur. Kacua, kaceuceub ka Tini jeung kulawargana anu kungsi ngaraheutan hate sapada harita sirna, kasilih ku caritaan hiji indung anu ngemu kahayang jeung harepan ti anu jadi anakna.