Bismillah
Alhamdulillah
Patepang di salaka maya
dilajengkeun di buana nyata
dua teuteup ngagedurkeun geter-geter asih
janten pasini jangji:
seja laki rabi
kiwari cunduk di waktu
ninggang di mangsa
nitih wanci nu mustari
Cep Dadang sareng Néng Lia didahupkeun
di balé nyungcung
Cep Dadang , Sabada ijab kabul diucap nami Lia anu satadina dibintian ku nami ramana baris robih dituntungan ku nami Cep Dadang hartosna ti danget ijab kabul tanggel waler dunya akherat
ngeunaan Neng Lia di pasrahkeun ti ramana ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan – tapi – makna nikah nungtut pertanggel waleran)
Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:
kahiji ngeunaan aqidah
inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng husnul khotimah
kadua ibadah
mamaos mémang raos kadanguna
galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa
iwal ti soanten Cep Dadang sareng Neng Lia
rampak ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Qur’an
upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah
kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa Cep Dadang ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey Néng Lia
pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin Néng Lia
dina du’a demi du’a
nu dilafadzkeun ku Cep Dadang
Katilu akhlaq
Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Cep Dadang di tungtung ditu – Néng Lia ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat
Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan
sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga
kumelendangna urang di alam dunya aranjeunna lantaranana
salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang
kanyaah sareng kaihklasan anu teu kénging dimomorékeun kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung
Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du’a demi du’a — anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya
Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi
diantara dua kulawargi
kulawargi Cep Dadang ti Sumedang – sareng kulawargi Néng Lia ti Kuningan
Cep Dadang sareng Néng Lia
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya
Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian
Kaopat, cita-cita
Hirup kumbuh laki rabi
ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk
tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta
tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga
di sawarga
ku kituna prinsip
“kuu anfusakum wa ahlikum naaro”
jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka
kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga
upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé didik ku kaislaman sareng kasundaan
cep Dadang miwah Néng Lia
dinten ieu,
tujuh belas januari dua rebu sapuluh
sabuana – samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran
bébér layar tarik jangkar
baarokallohu laka
wa baroka ‘alaika
wajama’a bainakuma
fii khoir
Wasalamualaikum wr. wb...

Tidak ada komentar:
Posting Komentar