Rabu, Februari 17, 2010

HIRUP JEUNG HURIPNA MANUSA

Hei sakabeh manusa
Ulah lali ulah mopohokeun
Naon tujuanna hirup
Jeung naon ari hartina hirup
Urang darma wawayangan
Hiji waktu urang baris mulang

Sing saha jalma tacan teurang
Kana praktekna Sholat Dhoim
Eta teh Sholat Sajati
Padameulan Kanjeung Nabi
Keur mukakeun lawang hijab
Hijabna ka Gusti nu Maha Suci

Omat ulah rek lalawora
Kumeuleundang di ieu alam dunya
Teangan prak geura teangan
Pangaweuruh apal ka Gustina
Sabab teu apal di dieu
Tangtu kasasar engke di ditu

Hei sakabeh manusa
Hiji waktu urang bakal dikubur
Raga balikna dikubur
Ari roh urang erek ka mana
Mun can apal ka Gustina
Tangtu urang marakayangan

Meungpeung masih aya waktu
Meungpeung masih urnag kumeuleundang
Gunakeun sa teu acan robah
Robahna urang jadi kaduhung
Kaduhung nu teu manggih tungtung
Kasiksa nu teu manggih wates

Di ieu alam dunya
Waktuna teh urang keur tatahar
Nyiapkeun eukeur beukel mulang
Sabab hirup katungkul ku pati
Paeh teu nyaho dimangsa
Pineupieun nu kudu dipikiran

Tong sieun ku datangna maot
Sabab maot geus bagian urang
Ayeuna atanapi engke
Urang pasti bakal ngalakonan
Mun geus apal ka Gustina
Mulih ka Jati mulang ka Asalna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar