Rabu, Februari 17, 2010

PEUPEUJEUH CATRIK TI EYANG GURU


Bul kukus mancur ka Manggung
Ka Sang Guru nu Luhung
Al-Qur’an Kalam nu Agung
Kalam Gusti nu Maha Luhur
Tuduh jalan keur makhlukna
Hidayahna tinu Agung

Kalam Gusti anu Maha Suci
Mukakeun hijabna diri
Sing apal kanu Yang Widi
Saha jalma apal ka diri
Tangtu apal ka Gustina
Eta jalma Umat Nabi

Duh Gusti nu Maha Kawasa
Nu Maparin nikmat rasa
Nikmat rasa nu Karasa
Karasa ku sakum manusa
Nu ngabogaan asa rumasa
Rumasa kanu Kawasa

Bul kukus mancur ka Manggung
Wasiat karuhun baheula
Keur incu buyut nu aya
Sing apal tugas ning raga
Jembatan sakabeh mahluk
Mulang deui kanu Agung

Mupunjung ngagungkeun nu Agung
Lain ku kebul jeung ku kukus
Dibarengan jeung ku eling
Sariring-riring gumading
Sarengkak jeung paripolah
Kudrat Irodat anu Agung

Sekar Wangi Sekar Pati
Mukakeun lalangse diri
Kahieuman geblekna dunya
Mopohokeun diri urang
Ka Gusti nu Maha Suci
Poho waktu nu Pinasti

Vihamsa mukakeun raga
Pring gandring mukakeun Bathin
Ranggalawe babarengan
Kotektak raga nu aya
Taliti tangtung sakujur
Ciptaan nu Maha Agung


Amin ya Robbal Alamin Mugi Gusti Nangtayungan……!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar