Sabtu, Februari 20, 2010

Kumpulan Paparikan / Sisindiran Piwuruk

Di handap ieu mangrupa conto-conto Paparikan anu watekna Piwuruk atawa Piwulang tur geus dipikawanoh ku sabagian gedé urang Sunda. Dina harti geus ilahar dipaké dina omongan sapopoé, samalah disakola mah sok diajarkeun. Rada hésé maluruh saha-sahana nu geus nganggitna.

Anapon Paparikan téh mangrupa salahsahiji wangun Sisindiran (ti sagédéngeun Rarakitan jeung Wawangsalan). Paparikan asalna tina kecap “parik” atawa “parek” anu hartina “deukeut” atawa “caket”. Pangna disebut kitu, lantaran dina Paparikan téh aya sora anu padeukeut nyatana antara sora dina cangkang jeung dina eusi.
Ditilik tina wanguna, sapada (sagunduk) Paparikan téh diwangun ku opat padalisan (jajaran). Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang (suku kata/vokal). Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang (sampiran), sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi (isi). Antara cangkang jeung eusi téh teu aya hubungan (harti) nanaon, iwal ku padeukeutna sora téa (murwakanti).
Lianti miwatek Piwuruk, Paparikan ogé aya anu watekna “silihasih” atawa “birahi”, “sésébréd” atawa “banyol” (heureuy), jeung aya deui anu “cawokah” malah “jorang”, sarta aya ogé anu watekna “resmi” atawa “dines” nyaéta anu ilahar dipake pikeun bubuka jeung panutup (pangpangna dina pagelaran jeung dina biantara-biantara).
Baju kutud heureut pola
dikelin teu dijalujur
Mun teu cucud ti sakola
arisin balik ka lembur

Barangbang dahan kalapa
malang dina jalan suni
Sanajan nu indung bapa
omat ulah wani-wani

Batu angkik mata ali
dina peti wadah uang
Wantu abdi sanés ahli
sepi harti kirang luang

Bobor emas dua réal
dilebur leungit saréal
Mun campur jeung jalma royal
manéh tangtu milu royal

Daun salasih ngareluk
diseumat ku awi beulah
Nu asih ka pada mahluk
dirahmat ku Gusti Alloh

Dimana nya melak paré
melak sampeu mah ditegal
Nu migawé lampah hadé
ibarat nu boga modal

Hangasa bawa ti gunung
dipipit bawa di rawa
Kasaha nya sumalindung
nitipkeun raga jeung nyawa

Hampelas raraga jati
palataran babaléan
Ihlas raga sareng pati
ngabélaan kasaéan

Hayam jago eukeur béla
dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
sangkan beunghar ku pangarti

Jiga naon lauk enun
matak jadi kahéranan
Mun manéh cucud jeung junun
insya Alloh tinekanan

Kanikir siki kanikir
cangkudu beunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba élmu

Ka kulah nyiar kapiting
ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana

Lauk emas ngakan ganggeng
disamberan ku japati
Boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti
Mawa peti dina sundung
dibawa ka nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
kabisa teu beurat mawa

Méméh ngagelarkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
Méméh nyaritakeun batur
tilik heula awak manéh

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cépot jeung Garéng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goréng

Ngala lauk meunang selar
bungkusna daun Hangasa
Sakur mahluk nu gumelar
dirahmat ku Nu Kawasa

Nimbang paré deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hadé gé diajar

Ninun boéh pakan muda
ajar suri jeung taropong
Anu paéh taya banda
kantun diri ngajolopong

Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun bisa miara létah
mokaha salamét diri

Pikasureun dijarumat
jarumna harga sasénan
Saluhureun kudu hurmat
sasama kudu ajénan

Pulas batik encit muntah
meulina ti anu kumed
Reungeukeun kami papatah
ulah resep ceceremed

Samping kageutahan dukuh
dikelab dikacaikeun
Nu matak manéh sing kukuh
papatah guru éstokeun

Séréh ti Gunung Koromong
dipelak di kolong sasak
Saméméh manéh pok ngomong
pikir heula masing asak

Susuru opat ngajajar
katinggang ku daun jati
Guguru kapalang ajar
cara kembang burung jadi

Tatangga hajat nyunatan
saréréa milu suka
Diajar ulah béngbatan
bisi kaduhung jagana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar