Kamis, Juli 23, 2009

Carpon


Tongtolang Nangka

Hiji waktu kuring ka ondangan kanu nyunatan di daerah Kuningan keneh. Di ondangan teh dihibur ku kasenian organ tunggal ditambahan kendang. Cenah ceuk rang dinya mah disebutna the "Pongdut", Jaipongan jeung dangdut. Duka kunaon eta eh diaranan Pongdut da teu aya jaiponganana, nu aya ukur sora kendangna wungkul. Nu nyanyi dipanggung barudak awewe rumaja sababaraha urang marake pakean anu aduhey, tinggaritek jeung ting gareol, sariga cacing kaleob cipanas. Aya oge panyanyi Lalaki, saurang, make calana jins jeung kaos. Sorana alus, nyanyina ge sarua gutak-gitek nurutan irama kendang.

Di ondangan kuring diuk ditukang. Mimiti mah ngobrol kaditu-kadieu sakur jeung nu wawuh. Ngan kulantaran teu puguh dedengean, da kasilep ku sora speker, Tuntungna ngajentul nempokeun nu tinggaritek di panggung. Teu kungsi lila panyanyi lalaki ngomong dina mik, cenah saha nu rek nyumbang lagu. Mimiti mah papada arera, tapi sulungkrung aya nu wanian. Der nyanyi, sarua gutak-gitek, sorana siga embe kacekek, "Si Jablay ....si Jablay", cenah.

Beres nu nyanyi "si Jablay", jebul deui saurang, naek panggung. Der nyanyi campur sari, "cucakrawa". Ieu mah sorana rada alus. Nu sejen, papada galehgeran, tingterekel naek kana panggung, der jararoged.

Geus kitu, jelema bareuki waranian, loba nu nyanyi jeung jararoged, ongkoh deuih si MC teh rada pikasebeleun, nu acan nyanyi atawa joged hayoh digeroan disina nyanyi atawa joged. Tungtungna ampir kabeh nu ngariung hareupeun panggung, jararoged, iwal kuring jeung sabaraha urang deui. Kuring geus teu ngeunah cicing, walah kumaha lamun ku MC digeroan, padahal kuring teu bisa gutak-gitek kitu, komo dititah nyanyi mah, teu bisa. Ti SD tepi Ka SMP, peunteun nyanyi teh salawasna beureum wae.

"Bapa nu dikacamata, mangga dihaturan kapayun, bilih bade nyumbang lagu kanggo sahilbubet!" ceuk MC ngagorowok.

Kuring tempa-tempo, saha nu dimaksud MC nu dikacamata teh, eh geuning euweuh, iwal ti kuring. Rey teh getih turun, walah kuring dititah nyanyi atawa joged yeuh. Kuring gigideug, ngan cilaka, nu gigireun jeung tukangeun, malah ngaromong "Hayoh... Hayoh..." bari narangtung jeung memetot kuring ngagusur ka panggung.

Atuh kapaksa kuring nguniang nangtung, suku karasa singsireumeun, da waktu diuk suku ngalipet wae. Tapi kawani mah jadi kaluar, ngilu ngadigdig ka panggung bari mikir lagu naon nu rek dipenta. Acan ge kapikir, pas rek naek panggung pisan, si MC nanya rek lagu naon, cenah.

"Tongtolang Nangka!", ceuk kuring teh tarik, sakainget. Eh ieu suku singsireumeun kabina-bina teuing. Kuring ngarendeg teu jadi naek panggung. Ari nu maretot mah geus sing terekel naek kana panggung. Ceuk MC teh "Mangga ieu lagu Tongtolang Nangka, pamundut ti Bapa W".

"Tongtolang Nangka teh siga kumaha?" Ceuk panjanyi awewe teh rungah-ringeuh.

"Eh..... Eta geuning, Tongtolang Nangka kawinan bapa," si panyanyi lalaki ngahaleuang, bari terus nyodorkeun buku nyanyian. Para panyanyi jeung MC jadi pakepuk mukaan buku, neangan lagu Tongtolang Nangka. Kasempetan yeuh, kuring ngaleos deui, ngagidig ngajauhan
terus diuk dina korsi anu rada buni.

Sigana kapanggih tah lagu eta teh, der nyanyi, bari jeung dijarogedan:

Tongtolang nangka,
kawinan Bapa, poe Salasa, teu beja-beja",
Aduh ...aduh bapa, ulah midua,
banda teu boga, anak geus rea,
.............

Huh, umur-umuran kakara digugusur dititah joged di panggung, tapi untung salamet teu jadi joged dipanggung, meureun mun joged teh, si bungsu, anak kuring anu cerewed, bakal nyeungseurikeun. Ngan waktu balik, pamajikan ngagelendeng :

"Na ari Papah, teu kira-kira menta lagu Tongtolang nangka sagala!"
"Har.... Nya naon salahna?"
"Naha teu nyaho kitu, apan nu BOGA HAJAT teh..... ISTRINA DUA!"
"?????????????"

Punteun ah ieu mah banyol, maklum urang sunda. Heheeeee………….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar