Kamis, Juli 23, 2009

Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngadung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

Conto sisindiran:

Aya roda dina tanjakan,
katinggang ku pungpang jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
aya listrik dimasigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kaman-mana
Conto Anu sejen :
Ekspres Bandung - Surabaya,
Digantolan kikinciran,
Neda ma'lum ka sadaya
Abdi bade sisindiran

Kalayar buah kalayar
Lebet ka cabe mah henteu
Lumayan tambi lumayan
Lebet ka sae mah henteu

Hanggasa bawa ti gunung,
dipipit bawa di rawa
Kasaha nya sumalindung
Nitipkeun raga jeung nyawa

Boboko ragrag ti imah
Ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
Ari balik sok leungiteun

Leuleupeutan leuleumeungan
Ngarah kekejoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah tetenjoanana

Itikurih Bentang Sinar
Maen di lapang Cicendo
Nyeri peurih kunu anyar
matak henteu hayang nenjo

Majar Maneh cengkeh koneng
Kulit Peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung mani nambru

Pipiti di bungawari
Tetenong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
hade omong pangoloan

Meuleum manggu tengah poe
Dicokelan kayu api
Malem minggu ninggang sue
Diapelan aki-aki

Pileuleuyan cangkang beas
Huut sajeroning kejo
Pileuleuyan urang ikhlas
Imut sajeroning nenjo

Saninten buah saninten
Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih aya kalepatan

Cag, ah ! sakitu heula sanes waktos di sambung deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar