Kamis, Juli 23, 2009

Kuda Rénggong

Kuda rénggong atawa kuda dépok nyaeta salah sahiji jenis kasenian helaran anu aya di Kabupatén Sumedang, Majalengka sarta Karawang.

Pintonan

Cara midangkeunnana nyaéta, hiji kuda atawa leuwih dihias warna-warni, budak sunattonggong kuda kasebut, budak sunat kasebut dihias kawas Raja atawa Satria, bisa ogé nurun pakéan para Dalem baheula, maké bendo, takwa jeung maké lawon sarta selop. ditaékkeun ka luhur

Di hareupeun rombongan Kuda Renggong aya saurang Pelatuk, nyaéta saiah saurang pamaén Kuda Renggong, anu metak minangka panunjuk jalan sarta pupuhu koordinator iring-iringan kasebut.

Tatabeuhanana mangrupa kendang badag, goong, tarompet, genjring atawa terbang gede atawa dulag, malahan sok dibarengan ku sinden sarta nu ngaribing, lalaki jeung awéwé. Arak-arakan kasebut leumpang nurutkeun arah anu geus ditangtukeun saméméhna.

Kuda Renggongnya meta kawas nu ngibing, alatan geus kalatih sarta biasa ngadéngé tatabeuhan. Gerakanana sawirahma jeung sora anu dimaenkeun. Lamun wirahmana laun, Kuda Renggong baris metakeun awakna kalawan laun ogé, kitu ogé lamun wirahmana gancang Kuda Renggong baris metakeun awakna kalawan gancang ogé

Gerakanana sajaba gerakan suku kuda anu ejrag-ejragan, hulu Kuda Renggong ogé milu ungut-unggutan. Di hareupeun atawa di sisieun Kuda Renggong aya sawatara urang nu ngibing, boh ti rombongan Kuda Renggongna sorangan boh ti para panongton atawa baraya anu boga hajatan. Maranéhanana galumbira milu joged atawa ngibing sabisa-bisa, sarta hal ieu pisan anu nambahan ramena pintonan Kuda Renggong.

Miara kuda

Cenah miara kuda pikeun Kuda Renggong pohara diutamakeunnana. Sajaba dibéré baranghakan jukut, ongok ogé dibéré madu, susu, sarta endog. Surai-na oge dipulasara sahade-hadena, diuntun maké pita sarta dipasangan perhiasan anu cerah kalawan warna-warni anu éndah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar