Kamis, Juli 23, 2009

Pupuh

Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.

Pupuh aya tujuh welas rupa:

* Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
* Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
* Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
* Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
* Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
* Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
* Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
* Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
* Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
* Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
* Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
* Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
* Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
* Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
* Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
* Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
* Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar