Minggu, Juli 26, 2009

Kanyaah Indung Jeung Bapak

Gubrag ka alam dunya, kocéak dengékna jéntré meupeuskeun jemplingna peuting.
Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot.
Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun,
Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna
Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.

Belenyéhna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot,
Réngkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot.
Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana,
Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik.
Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.

Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
Bapa kuring anu ngabébérés masalah kuring
Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring

Ayeuna kuring geus gedé
Ayeuna kolot kuring geus rarempo
Asa can pernah kuring mulang tarima
Nu aya ngan ngaririweuh jeung méré kapusing anu jadi kolot

Boh indung kuring atawa bapa kuring
Dugi ka ayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
Kajeun jauh ditungtung lembur
Kajeun anggang ti pakarangan
Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna

Duh... Ema, Bapa hampura kuring
kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot.

1 komentar:

  1. Alhamdulillah coretan simkuring nepi kadieu oge hehehe

    http://genibara.multiply.com/journal/item/56/Kanyaah_Indung_Bapa

    http://www.mangutas.yolasite.com

    BalasHapus